Ngeunaan Embah Jaya Perkosa Versi Tajur Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan

Numutkeun caritaan sepuh baheula teh anu di dayeuhluhur, versi Dayeuh Luhur nyebatkeun, "Yen Mbah Jaya Perkosa saparantosna nyeceubkeun iteuk teh ngalambangkeun kabenduan manahna, sareng ngecagkeun kaluuhanna nu janten senapati Sumedanglarang, ulun kamula atanapi ngabdikeun diri ka Nalendra Sumedanglarang mung dugi seumet harita, saparantos kedal nyarita kitu sareng kajantenan nancebkeun iteuk Embah Jaya Perkasa ngahyang atanapi ngaleungit".

Iteuk Embah Jaya Perkosa di Dayeuh Luhur Kecamatan Ganeas Kab. Sumedang
Lajeng anu ngabentenkeun sajarah numutkeun kasauran Pa Mahmud teh saparantos dianggap ngahyang Embah Jaya Perkasa teh saleresna mulih deui ka Embah Tajur, mung salirana nyurup sareng urang lembur supados teu katangen ku ti karajaan Sumedanglarang.

 
Kuncen sepuh Abah Mahmud (alm) nyebatkeun oge :
"Ngahyang teh pikeun ngaleungitkeun tapak supados anjeuna teu dipilarian deui pami dianggap ngahyang mah, padahal salira Mbah Jaya Perkosa lumungsur ka Cigobang ngadehes atanapi seja amitan ka Ratu Tjukang Gedeng Waru Prameswari Prabu Geusan Ulun putrina ti Sunan Pada Karedok, saparantos amitan ka Gusti Ratu Tjukang Gedeng Waru lajeng anjeunna ngajugjug Kampung Baginda anu aya di wewengkon Cipancar Sumedang Selatan, naon nu janten kasang tukang Embah Jaya Perkosa ngajugjug ka kampung Baginda? saur kuncen sepuh ngawaler, yen di kampung baginda baris nepangan putra-putra Prabu Siliwangi anu terakhir (Surya Kencana) diantarana seja nepangan Embah Sutra Ngumbar, Embah Sutra Bandera".

Mung aya nu janten kahelok sim kuring nalika kuncen sepuh nyaurkeun :
"Saenyana Mahkota Bino Kasih dicandak Kandaga Lante ka Sumedang teh, seja dipasrahkeun ka Sutra Ngumbar putra Prabu Siliwangi anu pangageungna, mung pangemut Embah Sutra Ngumbar daripada Mahkota aya dikami leuwih hade pasrahkeun ieu Mahkota Pajajaran ka Raja Sumedanglarang, da sarua wae sakaturunan jeung sakaruhun jeung kami. Pasrahkeun ieu mahkota jeung sakabeh kakawasaan pajajaran ka Sumedaglarang, nu antukna sadaya Kandaga Lante tumut ka sabda atanapi cariosan Embah Tajur / Embah Sutra Ngumbar, singkatna carita mahkota, sadaya kakawasaan pajajaran janten milik Sumedanglarang".

Makam Embah Jaya Perkosa di Tajur Kecamatan Sumedang Selatan

Tah ayeuna urang ngabahas naha kunaon Embah Jaya Perkosa nalika bade masrahkeun Makuta bino Sri, Ka Eyang Suta Ngambar anjeunna sasauran :"Pasrahkeun wae ieu makuta ka Geusan Ulun da masih Sakaturunan jeung sakaruhun"???


Jentrena mah "sakaturunan atawa sakaruhun" teh, ti ngawitan Prabu Aji Putih anu kawit ti Galuh, kitu deui Prabu Ciung Wanara anu murba di Ciseuma Darmaraja Sumedang, anu waktos orokna kapendak di Ciseuma Cimanuk teras dirawatan ku ki Balangantrang sareng Ni Balagantrang, tur dugi ka dewasana ngarebut deui kakawasan di Galuh Pakuan anu dibantosan ku prabu Tajimalela sareng wadya Garut. 

Oge kitu nalika Ratu Istri Rajamantri ditikah ku putra Prabu Surawisesa, nyaeta Prabu Dewata Buana, margi nalika Prabu Dewata Buana manisurajasunyi, ngecagkeun kalungguhan, kumargi milih janteun pertapa, tinangtos ingkang garwa dipasihan saniskara pilihan, naha ngiring kacaroge atanapi sami-sami nyepen, upami tea mah nyepen, kalintang kahartosna upami ngababakan di Gunung Geulis Jatinangor, margi tiasa bari nyawang saniskara perkawis, oge tinangtos ieu ge mangrupikeun strategi, nalika ingkang suami tos ngabaca bakal aya naon nu kajanteunan ka payun, oge akhir baringna kumaha nalika eyang Surawisesa ngadamel perjanjian sareng Maulana Hasanudin, anu jelas secara politik ngarugelkeun eksistensi Pajajaran. 

Ku abdi ka emut oge, moal kitu rencana mahkota Sanghyang Pake Binokasih direkes ka Smedang oge, ngawitanna direkes ku ibu Ratu Rajamantri? atanapi carios pangaruh sumedang di Pakuan akibat alpukah ti ibu Ratu Rajamantri, sok sanaos putra sareng putuna kirang pas dina ngokolakeun nagara, muhun prabu Nilakendra sareng Ratu Sakti, tapi cicitna gaduh andil pisan dina nangtoskeun strategi manjangkeun eksistensi pajajaran nu mana aya hal nu, naha dihaja atanapi kaleresan, bao eyang Ratu Rajamantri namina ampir sami nyaeta Raden Ajimantri bin Nusiya Mulya Surya Kancana, sok sanaos akhirna gubragna raja kawasa ka Rakean Angka Wijaya. 

Kitu oge nalika Pajajaran burak, "Watu Gilang atawa Batu Palangka Sriman Sriwacana" anu dicandak tengah wengi ku Pasukan Surasowan Banten, eta Watu Gilang anu ngarupakeun tempat panistrenan Raja-raja Pajajaran, sementawis Karajaan Sumedanglarang, anu secara de facto gaduh kakawasaaan nyalira. 

Cag heula,  Rampes.

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama